Naskah Khutbah Jumat Bahasa Sunda Maulid Nabi: 3 Tanda Orang Yang Cintai Nabi Muhammad SAW

- 6 Oktober 2023, 06:33 WIB
Khutbah Jumat Bahasa Sunda: 3 Tanda Orang yang Cintai Nabi Muhammad SAW
Khutbah Jumat Bahasa Sunda: 3 Tanda Orang yang Cintai Nabi Muhammad SAW /

Kahiji, sing saha anu mikacinta ka Rosululloh shallallahu 'alaihi wasallam pasti jalma anu taat ka Rosululloh. Hartina jalma éta pasti bakal ngalaksanakeun sagala aturan syariat.

    فمن أحب أن ينال رؤية النبي عليه الصلاة والسلام فليحبه حبا شديدا وعلامة الحب الإطاعة فى سنته السنية

Sing saha anu hayang ningali ka Rosululloh SAW, kudu mikanyaah ka manéhna kalayan rasa cinta anu kacida. Tanda cinta ka anjeunna nyaéta nuturkeun sunnahna anu mulya.

Jadi taat kana ajaran Nabi Muhammad saw. mangrupa bukti nyata kanyaah urang ka Anjeunna. Jeung lamun hiji hamba geus ta'at ka Rosululloh, hartina manehna geus ta'at ka Allah subhanahu wata'ala:

   من يطع الرسول فقد أطاع الله

Sing saha anu taat ka Rosul, saestuna manehna geus ta'at ka Allah SWT.

Jadi sing saha anu ngaku cinta ka Rosul Allah tapi henteu nuturkeun syari’at berarti eta jalma teh tukang bohong.

   من ادعى حب النبي عليه الصلاة والسلام من غير التباع السنة فهو كذاب

Sing saha anu ngaku cinta ka Rosululloh shallallahu 'alaihi wasallam tapi henteu nuturkeun sunnahna berarti manehna teh tukang bohong.

Kadua, tanda kacinta ka Kangjeng Nabi Muhammad nyaeta sering maca sholawat.

Halaman:

Editor: Rahman Wahid


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah