Khutbah Jumat Ramadhan Bahasa Sunda: Kesempurnaan Puasa Menurut Imam Al Ghazali

- 31 Maret 2023, 04:51 WIB
Naskah Khutbah Jumat Singkat Padat,
Naskah Khutbah Jumat Singkat Padat, /

Kaopat, ngajaga sadaya anggota tubuh tina padamelan dosa, kalebet panangan sareng sampean tina sagala perkara anu dibendu. Teu kakantun ngajagi padaharan urang tina katuangan syubhat sumawona haram dina nalika saur sareng buka. Sabab, teu aya hartosna puasa, lamun urang buka ngadahar kadaharan anu teu halal. 

Dina puasa mah, tong boro anu teu halal, malah anu halal oge tos disengker ulah kaleuleuwihan. Sabab, perkara anu kaleuleuwihan kadituna sok nyilakakeun. Walhasil, salah sahiji tujuan puasa nyaeta ngurangan kadaharan anu halal oge ninggalkeun perkara haram. Ulah dugika urang kalebet kana sakumaha anu diperingatkeun ku Kangjeng Rosul:

   كَمْ مِنْ صَائِمٍ لَيْسَ لَهُ مِنْ صَوْمِهِ إِلَّا الْجُوعُ وَالْعَطَشُ

Hartosna, “Seueur pisan jalma anu puasa, tapi teu kenging bagian nanaon tina puasana salian ti haus jeung lapar.” (HR. An-Nasa’i).

Padaharan teh ibarat wadah. Sing emut, yen saenya-enyana wadah anu dibendu ku Gusti Alloh nyaeta wadah anu pinuh ku perkara anu halal, sumawona lamun pinuhna ku perkara anu teu halal. Cacak-cacak pinuh ku kadaharan halal tos dibendu, komo lamun pinuhna ku perkara haram. Ku hal sakitu, sing hade-hade dina nalika urang buka atanapi saur. Mun tiasa kedah nyesakeun ruang kanggo nafas.

Al-Ghazali nyarankeun, padaharan teh sapertilu kanggo kadaharan, sapertilu kanggo cai, sapertilu kanggo nafas. Tujuannana supaya urang hanteu kalebet anu kaleuleuwihi dina barang tuang. Sabab hakekat puasa nyalira nyaeta nalukkeun musuh Allah sareng meupeuskeun syahwat. Sedengkeun bangkitna syahwat teh aya dina pinuhna padaharan.

Baca Juga: Harga Tiket Bus PO Gunung Mulia Lebaran 2023 Ke Wonogiri Hingga Purwantoro, Cek Selengkapnya DISINI

Salajengnya, sanaos sare diwenangkeun nalika puasa, tapi saena mah ulah kaleuleuwihi. Sabab mun urang teu sare mah, rasa lapar jeung haus mingkin karasa. Kakuatan milampah goreng mingkin lemah. Katambih hate karasa mingkin jernih, nafsu urang mingkin lemah, sarta milampah qiyamul-lail karasa ringan.

Kagenep, saparantosna buka puasa, hate urang kedah sumerah tur gumantung ka Gusti Allah. Pinuh ku kasieun jeung harepan. Sabab, urang teu apal naha puasa urang ditampi atanapi ditolak.

Tah perasaan kitu teh, sakedahna mah sanes dina ibadah puasa hungkul, tapi satiap urang tos midamel ibadah.

Halaman:

Editor: Rahman Wahid

Sumber: KhutbahSingkat.com


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x